Postingan

Menampilkan postingan dari Agustus, 2020

MATERI BAHASA SUNDA KELAS 7 SEMESTER 1 MTS AL-MANAAR MUHAMMADIYAH

Gambar
PANGAJARAN 1 PAGUNEMAN Sabtu, 14 Agustus 2021     Paguneman teh geus jadi bagian tina kahirupan urang sapopoe. Di mana wae asal amprok jeung nu wawuh sok terus ngobrol, komo jeung sobat anu geus heubeul teu panggih mah kadang terus uplek. Tah, ngobrol teh paguneman lisan, sakapeung teu ngaleunjeur, tampolana tema obrolan teh sok uclag aclog tara jejem dina hiji tema. Beda deui jeung paguneman dina dina tulisan, boh basana boh kalimah -kalimahna, sok museur kana hiji tema. Dina pangajaran ka hiji ayeuna diwanohkeun rupa-rupa paguneman dina naskah drama, paguneman dina diskusi, jeung saterusna, kaasup sagala rupa nu aya patalina jeung eta paguneman. A. Maca Jero Hate Heg baca sing gemet! Indung jeung Anak "Mah, aya anu bade ditaroskeun," ceuk Atia. "Naroskeun naon? Ke, Mamahna cape keneh," jawab indungna. Geus biasa, lamun tos nyanyabaan, Atia mah sok tetelepek ngeunaan naon-naon anu katenjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat anu dituju. Harita oge ka...