MATERI BAHASA SUNDA KELAS 7 SEMESTER 1 MTS AL-MANAAR MUHAMMADIYAH

PANGAJARAN 1
PAGUNEMAN

Sabtu, 14 Agustus 2021
 
 

Paguneman teh geus jadi bagian tina kahirupan urang sapopoe. Di mana wae asal amprok jeung nu wawuh sok terus ngobrol, komo jeung sobat anu geus heubeul teu panggih mah kadang terus uplek. Tah, ngobrol teh paguneman lisan, sakapeung teu ngaleunjeur, tampolana tema obrolan teh sok uclag aclog tara jejem dina hiji tema. Beda deui jeung paguneman dina dina tulisan, boh basana boh kalimah -kalimahna, sok museur kana hiji tema.
Dina pangajaran ka hiji ayeuna diwanohkeun rupa-rupa paguneman dina naskah drama, paguneman dina diskusi, jeung saterusna, kaasup sagala rupa nu aya patalina jeung eta paguneman.

A. Maca Jero Hate

Heg baca sing gemet!

Indung jeung Anak


"Mah, aya anu bade ditaroskeun," ceuk Atia.
"Naroskeun naon? Ke, Mamahna cape keneh," jawab indungna.
Geus biasa, lamun tos nyanyabaan, Atia mah sok tetelepek ngeunaan naon-naon anu katenjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat anu dituju.
Harita oge kakara jol pisan tos piknik ti Maribaya.

"Sok, bade naroskeun naon? Mani bangun daria," ceuk indungna deui, bari neuteup......breh budak teh mani ngembang cengek.

"Kieu, Mah......, Naon margina ari naek mobil sok istri heula, ari lungsur aok pameget heula. Geuning tadi oge basa naek angkot, Bapa mah ti pengker naekna......lungsurnamah tipayun," pokna

"Tah, eta teh salasahiji tatakrama  dina jeung turun tina mobil."

"Naon ari ari tatakrama teh, mah?" Atia nanya deui.

"Teteh terang! Tatakrama teh aturan sopan santun tea, nya?"omong lanceukna, haget mangjawabkeun.

"Leres. Sakumaha ceuk si teteh, tatakrama teh mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoe. Tatakrama teh jember pisan.lain ngan dina naek turun mobil wae, dina nyarita,waktu nyemah,dina make papakean,waktu dahar,anggah- ungguh awak, ngaliwat ka hareupeun jalma......," Ceuk indungna, ngeceskeun.
 

"Dina waktos natamu atawa nyemah kumaha,Mah?"
"Tatakrama dina natamu di antarana, ngucapkeun salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali."

"Ari dina dangdosan?" Ceuk Atia, bangun beuki panasaran.
"Sarua aya tatakramana. Nya di antarana, papakean anu dipake ku urang teh kudu diluyukeun kana waktu jeungsituasina."

"Mah, ari hubungan tatakrama sareung atikan moral kumaha?"lanceukna milu nanya.

"Ari kitu?" malik nanya, giliran indungna ngembang kadu. Dina hate indungna aya rasa reueus dumeh si teteh,lanceukna Atia nu kakara kelas tujuh SMP ngajukeun pananya anu kaitung alus jeung munel seperti kitu.

 
"Wirehna Bapa Guru di sakola kantos nyabit-nyabit sual eta,"jawbabna.

"Hubungan tatakrama jeung atikan moral teh pohara raketna. Malah bisa disebutkeun tatakrama teh bagian tina atikan moral! Kapan nu disebut moral reh nyaeta ahlak, ajaran ngeunaan laku lampah hade jeung goreng," ceuk indungna, " Tos heula nya..... Mamah bade solat asar heula."


B.Medar Paguneman

Wacana "indung jeung Anak" di luhur teh mnangrupa paguneman (dialog) antara Atia, lanceuna (teteh), jeungindungna. Ari nu jadi bahan gunemanana nyaeta ngeunaan tatakrama dina kahirupan sapopoe nu kapanggih waktu piknik ka Maribaya.
Lamun seug dibaca kalawan lentong anu merenah, karasa ayana suasana loma tapi santun. Dina paguneman, lenton (luhur handapna sora) jadi karasa pentingna, malahbagian tina tatakrama oge.

Salianti ti lentong, dina paguneman kudu diperhatikeun oge tatakrama basana, nu ngawengku basa lemes jengbasa loma. Basa atawa atawa kekecapan anu di pake lemes. 
  
Salian ti kudu merhatikeun lentong jeung tatakrama basa ( undak usuk basa ), dina paguneman oge kudu dibarengan ku rengkuh jeung pasemon anu merenah.
Ieu oge diluyukeun kana waktu jeung situasina. Cindekna, jeung saha urang ngobrol (babaturan,sahandapeun, atawa sapuhureun) kaasup dina situasi kumaha-kumahana kudu diluyukeun kana rengkuh katut pasemon anu merenah. Situasi urang keur ambek tangtu boh basa boh rengkuhna bakal beda upama dibandingkeun jeung situasi sejen,umpamana wae dina diskusi.

Ngajawab pananya.

1. Nanyakeun naon Atia ka indungna teh?

2. Ari anu dipikareueus ku indungna saha?

3. Saha wae anu kalibet dina eta paguneman?

4. Tatakrama teh jembar. Cik terangkeun!

5. Naon nu jadi tema dina eta paguneman teh?

6. Ari tatakrama dina nyarita kudu kumaha?

7. Naon sababna tatakrama diperlukeun dina dina kahirupan?

8. Cik kumaha kira-kirana lamun jalma teu boga tatakrama?

              💖 Hatur nuhun🙏💖




























Jum'at, 25 Agustus 2021

C. Paguneman dina Diskusi

   Paguneman lisan dina diskusi mah beda jeung paguneman dina obrolan biasa, najan kedal lisan tapi lewih ngaleunjeur lantaran kaiket ku hiji tema. Atuh dina prungna gunemcatur antara pangjejer (Narasumber) jeung pamilon (peserta diskusi) aya anu ngatur ku panumbu catur (moderator). Upama urang nyarita mengpar tina tema, geus tangtu bakal dieureunkeun ku panumbu catur.ieu di handap contona, heg titenan.

D. Maca Jero Hate



E. Kalimah langsung dina Paguneman


    Kalimah- kalimah anu dicondongkeun di luhur teh kaasup kana kalimah langsung. Ari anu dimaksud kalimah langsung, nyaeta kalimah anu diucapkeun ku nu nyarita ka jalama nu diajak nyaritana. Ciri kalimah langsung, upama dituliskeun, ngagunakeun kekenteng (tanda kutip) Kalimah langsung bisa dirobah jadi kalimah teu langsung. Heg geura titenan ieu di handap!




Jadi, nu dimaksud kalimah teu langsungteh nyaeta kalimah anu eusina nepikeun omongan jalma sejen ka jalma nu diajak nyarita kalawan bebas, henteu saujratna.

F. Miceun tanda kekenteng (".........")
          Naha wacana paguneman kudu salilana ditulis dina jero kekenteng? Tangtu bae bae bisa henteu make kekenteng oge, contona dina naskah drama. Geura urang cutat deui sabagian tina wacana di luhur bari sakalian urang leungitkeun kekentengna.






Jum'at, 18 September 2020

PANGAJARAN 2
KAULINAN BARUDAK

Tetela barudak sunda teh beunghar ku rupa-rupa kaulinan, boh keur barudak awewe boh barudak lalaki. Aya kaulinan nu make alat seperti kenteng, sasemplek, awi sabebek, kewuk, siki nangka walanda, jst.
Aya oge kaulinan nu ngan saukur make kakawihan. Aya nu sipatna olahraga, seni, jeung sakadar kalangenan ngeusi waktu wungkul. Nya kitu arulina, aya kaulinan cukup duaan, aya oge anu babaladan lobaan.ieu di handap aya sawatara kaulinan. Heg titenan!

A.Maca Jero Hate
1. Medar Langlayangan




Pek tulis  rupa- rupa istilah kaulinan Langlayangan di handap ieu!




Jum'at, 16 Oktober 2020

3. Pecle
        Salian ti medar jeung bgadu kaleci, aya oge kaulinan anu ilaharna dipikaresep, utamana ku barudak di pilemburan, nyaeta pecle.

        Pecle teh kaulinan barudak awewe, alatna kenteng sabebek leutik, tempat ulina ku cara nyieu  kalang dina taneuh nangrupa petak- petak.

Istilah husus dina Kaulinan pecle nyaeta:

minangkub= kenteng ditangkubkeun dina 
                          tonggong leungun sarta terus                            engkle- engklean dina kalang.                            Lamun kenteng ragrag atawa 
                          Suku nincak garis hartina 
                          gagal, giliran batur maen.

minangkar= Kenteng ditangkarkeun    
                        (ditangkarakeun) dina 
                         tonggong leungeun sarta
                         terus engkle- engklean deui.

minyuhun= kenteng    disuhun bari terus 
                        engkle-engklean.
 minyapit = kenteng dicapit ku ramo suku
                       terus engkle-engklean.

Lattihan!

Jentrekeun ngaran kaulinan ieu di handap!

        
1. beklen
2 halma
3. gatrik
4. congkak
5. damdaman
6. Panggal
7. Jajangkungan
8. anyang -anyangan
9. Ucing sumput
10. Kasti 


Jum'at, 06 Nopember 2020























































Komentar

Postingan populer dari blog ini

MATERI AKIDAH AKHLAK KELAS 9 SEMESTER 2

MATERI BAHASA SUNDA KELAS 8 SEMESTER 1 MTS AL- MANAAR MUHAMMADIYAH