MATERI BAHASA DAERAH KELAS 7 SEMESTER 2 MTS AL MANAAR MUHAMMADIYAH

                     


                      PANGAJARAN 5 
                           DONGENG

A. Maca Dongeng Sasatoan
Heg baca sing Daria!

                 Ajag Nangtang Jelema

1.Saha wae palaku Dina eta dongeng?
2. Naon temana dongeng "Ajag          Nangtang    jelema" teh?
3. Amanat naon nu kapanggih Dina eta dongeng?
4. Jentrekeun kumaha pasipatan ajang Jeung Peucang nu kagambar Dina eta dongeng?
5. Pek tuliskeun alur Carita eta dongeng!

KAJEMBARAN BASA

    Dina kahirupan urang Sunda baheula, Aya sawatara istilah patukangan, boh anu Kiwari masih Aya boh nu semet tinggal ngarana wungkul. Heg apalkeun ieu di handap!

1. anjun = tukang nyieun parabot Tina taneuh
2. bujangga = tukang ngarang
3. Candoli = awewe tukang ngajaga Jeung merean Sagala rupa bahan dahareun di nu kariaan
4. Gending = tukang nyieun tatabeuhan saperti gamelan Tina Kuningan
5. Kajineman = tukang ngajaga sakitan
6. Kuncen = tukang ngurus kuburan
7. legig = tukang ngasruk di pamoroan
8. makin = tukang nalukken sasatoan
9. Maranggi = tukang nyieun sarangka keris
10. merebot = tukang ngurus kabersihan masjid, nakol bedug sarta matuh di masjid
11. nyarawedi = tukang ngagosok permata
12. Pakacar = juru Laden di nu kariaan
13. Palatuk = jalma lurah mere Iber heulaeun rombongan panggung
14. Paledang = tukang nyieun barang Tina tambaga
15. palika = tukang teuleum
16. Pamatang = tukang Moro nu ngagunakeun tumbak
17. pandai = tukang nyieun parabot Tina beusi
18. Paneresan = tukang nyadap Kawung
19. Paninggaran = tukang Moro make bedil
20. sarati = tukang nalukken gajah 

Kamis, 22 April 2021
                    PANGAJARAN 6
                            SAJAK

A. Maca Sajak
Baca cing  karasa wirahmana sarta lenyepan eusina!
B. Medar Perkara Sajak
       Ari anu dimaksud sajak teh nyaeta salasahiji karya sastra nu ditulis Dina Wangun ugeran/puisi. Dina sastra Sunda, karya sastra Wangun ugeran teh loba rupana di antaranya sajak, guguritan, pupujian, Jeung mantra.jadi sajak teh nyaeta puisi puisi keneh.
Kecap-kecap nu dipake Dina sajak umumna kecap-kecap nu ngandung Harti konotatif, lain Harti saujratna saperti nu kaunggel Dina kamus. Dina sajak Bandung nu biru dibaca Aya ungkara: ieu Bandung heurin ku tangtung, maksudna padet pendudukna. Salian ti kecap- kecap nu konotatif, sajak Oge ngandung sawatara unsur penting kayaning tema (dasar/Poko pasualan nu ditepikeun Dina sajak), suasana( gambaran kaayaan ), imaji ( gambaran nu karasa, kadenge, Atawa katenjo najan ukur Dina wangwangan), simbul ( kecap nu dipake pikeun ngantebkeun maksud), wirahma ( irama, galindengna Sora kecap), Jeung amanat ( amanat Pangerang ka nu macana).

C. Ngadeklamasikeun Sajak
Ieu Aya sawatara sajak. Pek baca, terus apalkeun!

Kamis, 3 Juni 2021
                    PANGAJARAN 7
                         PUPUJIAN

Di Madrasah Atawa di masjid sok ngahoang Tina spiker nu nadomkeun pupujian, biasana pasosore bari nungguan ustad ngawuruk ngaji datang.
Ditilik Tina eusi Atawa maksud nu dikandungna pupujian bisa di pasing pasing jadi : 
1). Puji Jeung du'a ka pangeran
2). Pepeling
3). Puji Jeung salawat ka Nabi Muhammad
4). Pangajaran agama

Ngabandingkeun pupujian Jeung Sajak
1. Wangun pupujian unggal pada (bait ) diwangun ku PPAT padalisan (jajaran)
2. Jumlah enggang (suku kata) Aya dalapan
3. Sora vokal Atawa purwakanti Dina kecap panungtung Dina unggal jajaran Sarua

Ayeuna bandingkeun Jeung sajak
Tetela Dina sajak mah boh jumlah engang boh purwakantina henteu matok. Tah ku sabab Kitu sajak mah disebut puisi bebas.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

MATERI AKIDAH AKHLAK KELAS 9 SEMESTER 2

MATERI BAHASA SUNDA KELAS 8 SEMESTER 1 MTS AL- MANAAR MUHAMMADIYAH