MATERI BAHASA DAERAH KELAS 8 SEMESTER 2

                        PANGAJARAN 4
                           SISINDIRAN

Mun Dina basa Indonesia mah sisindiran teh pantun tea. Bisa dipake keur paguneman. Malah sok diselapkeun Dina biantara, maksudna keur mamanis basa. Resep geura ngobrol silih bales ku sisindiran mah. Sok Komo pan sisindiran mah eusina Oge Lian ti papatah Jeung silih asih teh, Aya anu heureuy Atawa banyol upamana:

Rarasaan cengkeh Koneng
Kulit peuteuy Dina nyiru
Rarasaan lengkeng Koneng
Kulit beuteung mani nambru

Dijawab ku anu disindiran :

Najan peuteuy Dina nyiru
Sakoteng dibawa muter
Najan kulit beuteung nambru
Da ganteng katambah pinter

Tuh pan, najan silihpoyok Oge teu Matak nyeri hate Ari nyaritana ku sisindiran mah. Nu Matak kolot baheula mah Mun nyarios sok direumbeuy ku sisindiran Oge, maksudna mah Sangkan omongan teu togmol teuing karasana.
Geura hayu urang diajar nulis sisindiran Sangkan engke bisa nyarita nu direumbeuy ku sisindiran.
Conto:
 Dadan:  Meuli pedes Ngan sakilo 
               Diwadahan ku si bayi
               Andi mah da sanes jomblo
               Ngan sakadar henteu payu

Andi : Meuli cingcin Jeung neng ayu
           Dahar nangka Jeung si Johan
           Abdi mah lain teu payu
           moal Waka bobogohan

Tugas: sok ayeuna mah jien conto sisindiran sakamampu Hidep.


Jum'at, 05 Februari 2021

B. Nyangkem sisindiran
Sisindiran teh Aya tilu rupa:
1. Paparikan
Paparikan teh kaasup Wangun sisindiran anu sorana padeukeut sarta murwakanti Dina tungtung kecap Atawa padalisan.conto:
Ngawaluku ngawalajar
Kudu dibaladah heula
Dina waktu rek diajar
Hayu ngadaro'a heula

Jadi Dina paparikan teh Aya bagean cangkang Jeung bagian eusi.
Paparikan teh diwangun ku opat jajar. Dina sajajarna diwangun ku dalapan engang. Conto:
Nga-wu-lu-ku-nga-wa-la-jar
1      2   3   4    5    6    7    8

Dumasar Kana conto diluhur, bisa dicindekkeun ciri ciri paparikan teh nyaeta:
a. Sapada diwangun ku opat padalisan
b. Padalisan Kahiji Jeung kadua mangrupa cangkang sedeng padalisan katilu Jeung kaopat mangrupa eusi
c. Jumlah engang Dina unggal padalisan umumnya Aya dalapan engang
d. Sora tungtung padalisan Kahiji sarua Jeung Jeung tungtung padalisan katilu, Sora padalisan kadua sarua Jeung Sora tungtung padalisan kaopat

2. Rarakitan
Rarakitan ampir sarua Jeung paparikanboh sorana nih ciri cirinya. Ngan bedana teh Dina rarakitan mah Aya kecap anu dibalikan deui sagemblengna.conto:

Kudu getol neukteuk kuku
Ngarah pinter lamun dangdan
Kudu getol maca buku
Ngarah pinter jiga Dadan
 
Kecap  kudu getol Dina jajaran Kahiji dibalikan deui Dina jajarankatilu, Kitu deui Dina kecap ngarah pinter Dina jajaran kadua dibalikan deui Dina jajaran kaopat.

3 Wawangsalan
Wawangsalan mah najan asup Kana sisindiran, boga Wangun anu beda Mun dibandingkeun Jeung paparikan Atawa rarakitan. Wawangsalan ukur diwangun ku dua jajar. Jajaran Kahiji mangrupa cangkang, jajaran kadua mangrupa eusi.conto:
Anteneu piring nu badag
Sing garetol ka Sakola ( parabola)

 Anteneu piring nu badag ieu mangrupa cangkang.kira kira naon disebutna anteneu anu wanguna jiga piring badag geus pasti disebutna teh parabola. Kecap parabola dibalibirkeun deui Dina kecap Sakola murwakanti Jeung parabola.

Titenan conto kadua:
 Mesin ketik make layar
 Dialajar ambeh pinter ( komputer)

Jum'at, 26 Februari 2021
C. Eusi Sisindiran
Mun nitenan sisindiran Dina paguneman eusina teh bisa digolongkan jadi:
a. Papatah
b. Silih Asih
c. Heureuy

E. Pancen
Kagiatan 1
Kagiatan 2
                               BAB 5
                           BIANTARA

A. Maca Biantara
B. Nyangkem Eusi Biantara
2. Padika Biantara
     Biantara teh salah sahiji kaparigelan nyarita pikeun nepikeun maksud Atawa ngajelaskeun hiji pasualan ka jalma rea.

Aya opat metodeu biantara anu salila ieu temen dipake nyaeta:
1. Metodeu impromtu (ngadadak)
     Disebutna ngadadak, lantaran Dina cara midangkeunana Tara make tatahar heula.

2. Metodeu ngapalkeun
     Cara midangkeunana nu ieu mah sabalikna Tina impromtu. Nur rek Biantara nuliskeun heula tuluy diapalkeun.

3. Metodeu Naskah
     Nyaeta Biantara anu bari maca naskah.

4. Metodeu ekstemporan
    Dina Prajna Biantara Tara make naskah, tapi naon anu rek diomongkeun dirancang heula kalawan takuti.
 
Kamis, 8 April 2021
Dina Biantara Aya padika anu disebut T-A-G-O-G.eta teh singgetan Tina:
                              BAB 6
            BAHASAN BUDAYA SUNDA

    Bahasan biasana diwangun ku bubuka, eusi, Jeung panutup.disebutna babagian (struktur) bahasan. Atuh Wanda tulisan bisa ti hal anu umum ka hal hal anu husus (dedukasi) Atawa sabalikna ti hal hal anu husus ka hal hal anu umum (induksi). Titenan gambar di handap!

❤️ Babagian struktur bahasan

Komentar

Postingan populer dari blog ini

MATERI AKIDAH AKHLAK KELAS 9 SEMESTER 2

MATERI BAHASA SUNDA KELAS 8 SEMESTER 1 MTS AL- MANAAR MUHAMMADIYAH