MATERI BAHASA SUNDA KELAS 8 SEMESTER 1 MTS AL- MANAAR MUHAMMADIYAH
BAHASA SUNDA KELAS 8 SEMESTER 1 MTS AL-MANAAR
MUHAMMADIYAH PAMEUNGPEUK
Jum'at, 13 Agustus 2021
Pertemuan ke 1
PANGAJARAN 1
KAWIH
A.Ngaregepkeun Kawih
Regepkeun kawih di handap ngaliwatan dihaleuangkeun ku Bapa/Ibu Guru.
Pahlawan Toha
Getih suci nyiram bumi
Tulang setra mulang lemah
Babakti sungkem pertiwi
Cikal bugang putra bangsa
Nyatana Muhamad Toha
Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuh Kolot
Tugu diwangun ngajadi ciri
Tarate nu mangkak ligar di empang
Jadi bukti gugurna pahlawan bangsa
B.Mahamkeun Eusi Kawih
1. Eusi Kawih
Kawih Sunda teh loba pisan rupana.Aya anu dipirig ku calung, ku degung, kacapi suling,malah aya anu d pirig ku keyboard jeung gitar oge loba.
Jejer/temana oge rupa-rupa aya anu nyaritakeun cinta, kahirupan, kaendahan alam,cinta lemah cai, rupa-rupa kadaharan, jeung sajabana.
Jejer kawih anu judulna"Pahlawan Toha" ngenaan kapahlawanan. Eusina nyaritakeun kajadian gugurna Muhamad Toha salasaurang pahlawan pajoang kamerdekaan ti Jawa Barat.kajadian ieu teh kawangikeun ka skuliah Nusantara.Kumaha gedena jasa Muhamad Toha kagambar dina rumpaka kawih.Muhamad Toha dianggap maot sahid dina dina kaayaan suci.
Mojang Priangan
Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang priangan
Umat -imut lucu
Larak-lirik nyari
Rarat- reret keupat
Mojang Priangan
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priangan
Mundi sanggul ayu
mun disinjang lenjang
Mun di erok denok
Mojang Priangan
Gareulis maranis
Disinjang lalenjang
Estu surup nu nempo
Mojang Priangan
💖 Hatur nuhun 🙏💖
Jum'at, 20 Agustus 2021
PANGAJARAN 2
WARTA
Warta teh beja. Mun dina koran,majalah, atawa televisi sok disebut berita. Unggal poe televisi ngawartakeun rupa- rupa beja ti sakuliah dunya dina dnggal widang kahirupan.
💖 Hatur Nuhun 🙏💖
Jum'at, 25 September 2020
Latihan!
Baca conto warta di handap!
Ti tanggal 5 nepi ka 15 Agustus 2020, di Gedong Kasenian Rumentang siang Bandung diayakeun pasang-giri drama tingkat SMP/Mts sa-Jawa Barat. Unggal Kabupaten/Kota ngirimkeun wawakilna. Aya anu ngan ukur ngirimkeun hiji wawakil, aya oge anu nepi ka dua atawa tilu wawakil. Jumlah pamilon anu miluan kana eta Pasanggiri aya 63 group drama. Teu wudu Gedong Kasenian Rumentang Siang anu biasana tiiseun teh ngadadak rame, boh ku pamilon boh ku nu lalajo. Unggal poe korsi panongton teu weleh pinuh. Matak reugreug ka panitia.
Sabada maca warta di luhur, pek jieun rumusan wartana!
Jum'at, 23 Oktober 2020
PANGAJARAN 3
GUGURITAN
Guguritan teh karangan pondok anu ditulis dina wangun pupuh. Barudak ayeuna mah geus loba anu teu wanoheun kana guguritan, laguna ayeuna mah di raeh deui, dipirig ku musik anu moderen sarta ngeunaheunlamun dijogedan. Pantesna, para ahli seni nepi ka ngulik lagu jeung musik anu leuwih deket kana rasa barudak ngora teh sangkan ieu pupuh dipikaresep ku entragan ngora.
Babari dilagukeuna sarta ngeunaheun kakupingna. Atuh eusina oge leubeut ku papatah anu gede gunana keur kahirupan.
Geura hayu urang diajar nembangkeun guguritan, nyangkeum eusina jeung sakalaian diajar nulisna.
Komentar
Posting Komentar